Girimis kasorenakeun
Hibar layung satangtung kalangkang
Angin leutik nyaliara kana rasa
Ngabewara carita sapoe salasa
Ayeuna tinggal tungkusan kalbu
Mapay mapay lacak carita
Anu sabulan katukang
Nu leungit di tampat ieu pisan
Sok sanajan girimisna leutik
carita harita masih natrat dina jero rasa
Nyesakeun lamunan kamari
Sumedang 24 september 2013

Tidak ada komentar:
Posting Komentar