Minggu, 29 September 2013

SIMPAY KATINEUNG

Geter rasa anu aya dina dada
Nyangkrung na kalbu
Asih wening dipirig galura gending
Deudeuh pageuh panceg na angen

Jungjunan nu kungsi ngeusi lolongkrang rasa
Jungjunan nu kungsi milandep na deudeuh
Jungjunan nu kungsi ngeusian hate nu simpe
Jungjunan nu kungsimawa tresna


Aya mangsana datang aya mangsana mulang
Mulang jeung datang pinasti kasorang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar